Congo paré ting arulang ditincakanangin nu kebat lumpatka kulon. Pasawahannu ngémploh lir tepung jeung suku langit, dipapaés ku keleperna manuk bondol nu bur-ber di awang-awang. Rada anggang ti pasawahan, rél karéta ngajepat satungtung deuleu.
Di sela dapuran paré, méh tilem ka jero leutak, aya belasan sorot panon ting borélak, ting poncorong, niténan rél karéta. Sorot panon nu kebek, gilig seja béla pati ka nagara. Congo bedil ting podonghol, sayaga nginceur musuh. Dumasar béja ti telik sandi nu bisa dipercaya, Walanda bakal ngirim senjata perang maké karéta, nu jalurna ngaliwatan ka éta tempat.
Hawar-hawar, sora karéta kadéngé ting garujes, dipirig sora klakson nu ngahéong. Haseup hideung muleuk na huluna, kagugusur angin tuluy leungit di awang-awang. Di luhureun karéta aya babahara tentara, lajag-léjég niténan jalan, kitu ogé di jero karéta. Tapi orokaya, nu katara ukur ngémplohna pasawahan.
Lalaki nu ngadepong na dapuran paré, ngarapetkeun awakna beuki mebes kana jero leutak. Leungeunna ngeupeul détonator bom, kari mencét mangsa hulu karéta ngaliwat luhureun bom nu geus dikubur di tengah rél.
“Hiji… Dua… Tilu…”
Manéhna ngagerentes na jero haté, ngitung waktu nu pas sangkan karéta musuh ajur di tengah jalan. Karéta geus ngangkangan bom, ceklék détonator dipencét. Beledaaaar!!! Bom ngabeledug, karéta kabantingkeun ku rongkahna bom, rodana ruksak, teu bisa lumpat deui. Tentara musuh rabeng laluncatan, aya nu langsung tiwas aya ogé nu langsung ngabecir néang panyumputan.
Dor! Dor! Dor! Sora bedil awor patémbalan. Matak runtag kawani, matak sebér musuh. Asal seranganteu katohian ti mana datangna, lir serangan siluman, tarapti tur buni.
“Seraaaaang!!!”
Lalaki nu mencét détonator méré komando, manéha taya lain, Lukas Sutaryo, nu disebut Begundal Karawang ku bangsa Walanda.
Jorélat! Jorélat! Jorélat!
Welasan lalaki nu kambuy ku leutak, ting jorélat, muru bangké karéta. Lukas ngebelesat ninggalkeun panyumputan, bedilna dikokang, dibekaskeun, ditémbakkeun ka musuh nu rungah-ringeuh dikepung wakul buaya mangap ku pasukan gériliya . Pélor ting belesat, niruk jajantung, motongkeun iga. Tentara Walanda nu teu siap, kadéséh tur leumpeuh dina waktu nu kawilang siget.
“Rampas senjata musuh.” Lukas méré komando.
Pasukan gérilya ngarampas pasokan senjata. Taya nu disésakeun, kabéh korédas dibawa ku pajoang jang tempur ngalawan nu bogana. Bedil, granat, basoka, rupa-rupaning senjata modérn geus pindah leungeun, jadi milik pasukan.
Les… Pasukan Lukas ngaleungit, ting jorélat mencar ka tempat nu béda. Serangan nu kacida gancang, sakilat, lir siluman. Serangan nu kanceb ngajurkeun jajantung musuh.
Layon tentara walanda pasoléngkrah di sasapanjang rél, pagigir-gigir jeung bangké karéta. Dirurub layung soré nu ngempur konéng. Angin ngadalingding, éncrak na congo eurih.
Lukas geus balik deui ka markas, dibagéakeun ku rahayat jeung pasukan gérilya séjénna, congo bedil ting aracung ka jomantara.
“Merdéka!”
“Merdéka!”
***
Pasosoré, Karawang - 8 Désémber 1947
Rawagedé katémbong aleum, panon poé geus ngaléos ti beurang mula. Angin nu linduh lumpat alon, mapay-mapay pucuk paré, eunteup na congo tangkal kanyéré nu oyag-oyagan. Rasa tiis nu pohara, sésélékét kana jero dada, ngarembeskeun rasa ahéng nu teu sasari.
“Kunaon Ma, hulang-huleng baé ti tadi?” Ceuk Sadun bari melong ka Nyi Irah, indungna. Nyi Irah ukur seuri konéng.
“Mikiran naon atuh Ma. Bapa mah teu kudu dipikiran pan keur bajoang.” Sadun pindah diukna, ngadeukeutan Irah, tuluy léléndéan. Bangun nu hayang ngalipur indungna, bangun nu surti kana karémpan nu keur dirasakeunna.
Ray, paroman Irah katara rada caang, pepedut nu poék, halimun karémpan, nyingrai meueusan. Najankitu, angger baé haté mah kumalayang, ngambah sagara rasa nu asa kebek ku rasa ringrang.
“Teu kunanaon, Jang. Ema hulang-huleng sotéh pédah éta wé, teu boga suluh jang isukan, baraseuh kabéh kahujanan. Bapa manéh onam, teu pati dipikiran, da geus tugasna bajoang jang nagara, ngalawan Walanda. Manéh gé lamun geus rumaja, kudu turun ka médan perang, kudu béla ka nagara.” Ceuk Nyi Irah, bari ngusapan Sadun.
“Mun dikajeunkeun ku Ema mah, ayeuna kénéh ujang daék indit milu perang jeung Bapa. Rék ditémbakan tah Walanda édan téh!” Sadun katara ambek, kekerewet, ceuceub naker ka Walanda.
Nyi Irah teu némbal, ukur seuri bari neuteup reueus.
“Dun, seuneu pareum deui, tiupan jug.” Ceuk Nyi Irah, bari ngebut-ngebutkeun leungeun nyingraikeunhaseup nu mulek.
“Euh, suluhna baraseuh Ma, jadi wé mulek ka jero imah.” Témbal Sadun bari lumpat ka dapur.
Semprong awi sabuku nu ukuranna teu leuwih gedé ti pigeulang leungun, geus sayaga gigireun hawu. Sadun ngeupeul semprong ku dua leungeun, tuluy biwirna ditampeukeun kana liang semprong.
Kepoh, kepoh, Sadun niupan hawu malar seuneuna ngagudar deui, malar cai nu keur ditaheur téréh ngagidir. Peledug, seuneu hurung. Pes, pareum deui. Kepoh, kepoh, kepoh, Sadun niupan deui ruhai, sorana ting péréték. Suluh baseuh mah salian ti mulek téh sok ting péréték mun diduruk.
Péréték… Péréték…
Dérédéd… Dérédéd…
Hawar-hawar, kareungeu sora dédérédédan, lain sora suluh baseuh éta mah, lain. Sadun eureun niupan ruhay, ceulina rancung ngadédéngékeun sora.
Dérédéd… Dérédéd… Beledar! Atra, sora nu dédérédan téh geuning sora bedil jeung granat, kareungeuhawar-hawa teuing ti lebah mana. Beuki lila beuki deukeut ka lemburna.
Ratusan tentara walanda nyerang lembur, ngaduruk imah, nembak sing saha bae nu kumawani ngulampreng. Granat sagedé kupat, ngalayang, muru suhunan imah Irah. Beledag!!! Imah Irah rajét kaduruk, bubuk jadi tatal. Ajur patawurwan.
Koréjat, Irah hudang.
Késang badag késang lembut rendey na beungeut jeung awakna. Manéhna tuluy babacaan, sabisa-bisa.
“Aéh, naha aing teh ngimpi kitu? Atawa ngalamun?” Nyi irah, ngeleter, naon kualaman bieu, teu kaharti ku akalna. Disebut ngimpi da manéhna teu saré, disebut ngalamun asa piraku. Kajadian bieu lir tondén, lir kajadian nu baris datang.
“Amit-amit.” Ceuk Nyi Irah, bari ngabirigidig.
***
Rebun-rebun, Rawagedé – 9 Désémber 1947
Ratusan lalaki nu pakulitanna barulé, rentang-rentang ngarangseg abus ka lembur Rawagedé. Kabéh nyarorén bedil, kabéh maraké baju belang. Maranéhna téh tentara Walanda, nu geus lila hayang nyerek deleg Lukas Sutaryo, si Begundal Karawang.
Lukas Sutaryo téh tentara ti Kodam Siliwangi, pajoang kamerdékaan nu teu eleh hebat mun dibandingkeun jeung Rambo. Manéhna jago nyamur, jago sabotaseu, ahli taktik, jawara médan perang.
Walanda remen kapalingan lantaran Lukas nyamur jadi tentara musuh, tuluy maéhan musuh kalayan antaré. Kapeung lukas nyabotase karéta api nu eusina bedil jeung parabot perang séjéna. Salian ti éta, Lukas ogé bisa pisan ngaburak-barik bénténg pertahanan Walanda ku cara gérilya.
Serangan-serangan nu dipimpin ku Lukas dianggap ancaman gedé jang bangsa Walanda. Geus kacida lobana titik pertahanan Walanda nu leumpeuh alatan digempur ku manehna. Mun heug téa mah carita Lukas dipilemkeun, tangtu Lukas taya bédana jeung Rambo, gagah, wanian, béla pati ka nagara. Malah mah leuwih punjul, leuwih unggul lantara Lukas mah kisah nyata, lain reka-reka, lain ukur film.
Ratusan tentara Walanda ting bulubus ka jero imah rahayat, ngaburak-barik, ngotéktak saeusi imah, néangan Lukas.
Teu kungsi lila, torojol mobil jip, disetir ku lalaki bule nu maké kaca panon hideung. Jut, manéhna turun, bedilna diacungkeun ka jomantara. Dérédéd.. Bedil di bekaskeun ka langit, pélorna ting belesur niruk angin. Manéhna katelah Mayor Alphons Wijman, bulé kejem nu teu boga ras-rasan, taya rasa kamanusaan.
Ratusan tentara Walanda ngumpulkeun rahayat di tengah lembur, dikurung ku congo bedil. Nu lumpat geus tangtu palastra, nu lolos ogé saru baé, sabab Walanda maké taktik “léter O” ngepung Rawagedé ti sakurilingbungking.
Lembur geus kajajah, kabéh suhunan geus disungsi, hasilna suwung. Lukas teu kapanggih teu kausud tapak-tapakna acan. Mayor Alphons pohara kuciwa, pasukan nu ngahaja didatangkeun ti Jakarta ukur ngangin, teu hasil maksud jeung tujuan.
“Di mana si Begundal! Di mana para pajoang!”
Mayor Alphons nginterogasi rahayat. Bedilna nodong dada salah sahiji lalaki rangkébong nu teu kedal nanaon, ngabetem nepika pélor niruk dadana.
“Di mana Si Begundal! Di mana para pajoang!”
Kabéh rahayat Rawagedé ukur ngabetem, taya nu sudi némbalan, taya nu sudi ngabetuskeun rusiah. Satia béla pati ka nagara, ka para pajoang, ka ajén inajén bangsa sorangan. Najan congo bedil geus napel na tarang, tapi teu dipaké gimir. Rahayat Rawagedé lain lalaki miyuni hayam kabiri. Kabéh ngagem méntal pajoang nu sajati, satia ka rahayat jeung nagara. Leuwih hadé ngababatang jadi bugang batan ngahianat bangsa sorangan.
Antukna, Mayor Alphons aral ngarasula, kitu ogé ratusan tentara séjénna. Maranéhna murang-maring, sagala ditémbak, sagala diduruk. Rahayat leutik dijadikeun sasaran, dibedilan, dikakaya, dirogahala. Kabéh lalaki palastra, taya nu nyésa. Salelembur awéwé jadi randa, salelembur barudak leungiteun bapa.
***
Angin linduh, noyod ka belah kulon. Mawa béja nngeunaan pélor nu ting belesur niruk dada rahayat nu teu tuah teu dosa. Girimis nu ngeprul ti peuting mula, ngamalirkeun getih ka sagara. Getih nu geus mulas taneuh Rawagedé jadi semu beureum, getih nu salilana jadi mangsi di lambaran sajarah. Getih nu moal leungit tina ingetan.
Dérédéd… Dérédéd… Dérédéd…
Sora bedil ting dérédéd, pelor teu eureun ting belesur ngahakan nyawa rahayat nu angger ngabetem, ngabela rusiah, ngabela nagara. Ratusan layon, ting golépak na taneuh ceubrik, dirurub ku girimis jeung cimata.
Bandung, 1 Fébruari 2013
Begundal Karawang mangrupakeun carpon (carita pondok) karangan Absurditas Malka, carpon di luhur kungsi medal dina koran Tribun Jabar.
Begundal Karawang mangrupakeun carpon (carita pondok) karangan Absurditas Malka, carpon di luhur kungsi medal dina koran Tribun Jabar.
0 Komentar